Kamis, 26 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GUSTI PANGANGON

GUSTI PANGANGON

Duh Pangeran teh Gusti Pangangon
Kuring salamina mo katalangsara
Najan nurunan jungkrang
Oh... Lewang lungkawing
Nanging teu inggis bahya
Kumargi Gusti ngaraksa

Kuring diaubkeun
Disampalan hejo ngemploh
Dicandak ka sisi cai
Nu seger tur nu negerkeun
Gada sareng iteuk-Na
Oh... Negerkeun rasa
Najan payuneun lawan
Disayogikeun idangan

Reff:
Sirah kuring
Dikocrotan minyak sengit
Leueuteun ge meuni labar leber
Estu abdi teh diasuh
Ku asih-Na salamina
Tur baris tetep tumetep
Di padaleman Pangeran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar