Sabtu, 28 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GEUS DATANG MANGSANA

GEUS DATANG MANGSANA

Geus datang mangsana urang percaya
Geus datang mangsana sumujud ka Allah
Geus datang mangsana kasalametan
Geus datang mangsana keur urang

Reff.
Nyembah ka Allah sujud ka Allah
Anu dibarengan Roh bebeneran
Nyembah ka Allah sujud ka Allah
Anu di sarengan Roh bebeneran

Kamis, 26 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GUSTI PANGANGON

GUSTI PANGANGON

Duh Pangeran teh Gusti Pangangon
Kuring salamina mo katalangsara
Najan nurunan jungkrang
Oh... Lewang lungkawing
Nanging teu inggis bahya
Kumargi Gusti ngaraksa

Kuring diaubkeun
Disampalan hejo ngemploh
Dicandak ka sisi cai
Nu seger tur nu negerkeun
Gada sareng iteuk-Na
Oh... Negerkeun rasa
Najan payuneun lawan
Disayogikeun idangan

Reff:
Sirah kuring
Dikocrotan minyak sengit
Leueuteun ge meuni labar leber
Estu abdi teh diasuh
Ku asih-Na salamina
Tur baris tetep tumetep
Di padaleman Pangeran

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GUSTI PANGANGON NU SAE

GUSTI PANGANGON NU SAE

Gusti pangangon nu sae
Nu nungtun kahirupan
Nungtun ka cai nu herang
Ngicalkeun kahariwang

Reff.
Kuring teu gimir
Kuring teu hariwang
Sanajan lempang
Jero wahangan jungkrang
Kuring teu gimir
Kuring teu hariwang
Kumargi Gustu Yesus
Tangtos nyarengan

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EMUT ASIHNA

EMUT ASIHNA

Emut asih-Na emut kasaean-Na
Ku sih kurnia-Na abdi salamet
Asih-Na ngaluhuran langit
Langkung lega batan lautan
Ageung sih kurnia Allah ka abdi

Reff.
Abdi moal arek hilap asih-Na
Abdi moal rek hilap nugraha-Na
Mantenna maparin kaslametan
Mantenna maparin kabagjaan
Ageung sih kurnia Allah ka abdi

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EL-SHADAI

EL-SHADAI

Teu kenging hariwang
Allah nangtayungan
Teu kenging honcewang
Yesus nu nyarengan
Teu kenging cangcaya
Roh Kudus ngaraksa
Teu kenging saredih
Allah mikaasih

Reff.
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Digjaya perkasa
El-Shadai mulia
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Berkat-Na nyekapan...
El-Shadai..

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EL-SHADAI

EL-SHADAI

Teu kenging hariwang
Allah nangtayungan
Teu kenging honcewang
Yesus nu nyarengan
Teu kenging cangcaya
Roh Kudus ngaraksa
Teu kenging saredih
Allah mikaasih

Reff.
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Digjaya perkasa
El-Shadai mulia
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Berkat-Na nyekapan...
El-Shadai..

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - DAWUHAN GUSTI

DAWUHAN GUSTI (SABILULUNGAN)

Dawuhan Gusti mugi sina ngancik
Urang sadaya sarta sina jembar
Silih pagahan jeung silih ingetan
Sagala rupa kawijaksanaan

Ku jabur, pupujan
Ka Gusti, Rampak sekar
Sarta rupa tembangna karohanian
Jeung tembang, muji sukur
Allah rahman, jeung rahim
Dina jero hate urang sadayana