Kamis, 26 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ALLAH PANYALINDUNGAN

ALLAH PANYALINDUNGAN

Jalma nu nyalindung
Ka nu Maha Agung
Aya dina pangraksa-Na
Anu Maha Kawasa
Ti peuting teu kudu mingsir
Ku balai nu mateni
Ti beurang teu kudu rempan
Ku bahaya nu narajang

Reff
Sabab Gusti nu mindingan
Dijaga ditangtayungan
Pangeran panyalindungan
Urang sadaya

Sabab Gusti nu mindingan
Dijaga ditangtayungan
Pangeran panyalindungan
Urang ditangtayungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar