Sabtu, 28 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GEUS DATANG MANGSANA

GEUS DATANG MANGSANA

Geus datang mangsana urang percaya
Geus datang mangsana sumujud ka Allah
Geus datang mangsana kasalametan
Geus datang mangsana keur urang

Reff.
Nyembah ka Allah sujud ka Allah
Anu dibarengan Roh bebeneran
Nyembah ka Allah sujud ka Allah
Anu di sarengan Roh bebeneran

Kamis, 26 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GUSTI PANGANGON

GUSTI PANGANGON

Duh Pangeran teh Gusti Pangangon
Kuring salamina mo katalangsara
Najan nurunan jungkrang
Oh... Lewang lungkawing
Nanging teu inggis bahya
Kumargi Gusti ngaraksa

Kuring diaubkeun
Disampalan hejo ngemploh
Dicandak ka sisi cai
Nu seger tur nu negerkeun
Gada sareng iteuk-Na
Oh... Negerkeun rasa
Najan payuneun lawan
Disayogikeun idangan

Reff:
Sirah kuring
Dikocrotan minyak sengit
Leueuteun ge meuni labar leber
Estu abdi teh diasuh
Ku asih-Na salamina
Tur baris tetep tumetep
Di padaleman Pangeran

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GUSTI PANGANGON NU SAE

GUSTI PANGANGON NU SAE

Gusti pangangon nu sae
Nu nungtun kahirupan
Nungtun ka cai nu herang
Ngicalkeun kahariwang

Reff.
Kuring teu gimir
Kuring teu hariwang
Sanajan lempang
Jero wahangan jungkrang
Kuring teu gimir
Kuring teu hariwang
Kumargi Gustu Yesus
Tangtos nyarengan

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EMUT ASIHNA

EMUT ASIHNA

Emut asih-Na emut kasaean-Na
Ku sih kurnia-Na abdi salamet
Asih-Na ngaluhuran langit
Langkung lega batan lautan
Ageung sih kurnia Allah ka abdi

Reff.
Abdi moal arek hilap asih-Na
Abdi moal rek hilap nugraha-Na
Mantenna maparin kaslametan
Mantenna maparin kabagjaan
Ageung sih kurnia Allah ka abdi

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EL-SHADAI

EL-SHADAI

Teu kenging hariwang
Allah nangtayungan
Teu kenging honcewang
Yesus nu nyarengan
Teu kenging cangcaya
Roh Kudus ngaraksa
Teu kenging saredih
Allah mikaasih

Reff.
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Digjaya perkasa
El-Shadai mulia
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Berkat-Na nyekapan...
El-Shadai..

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - EL-SHADAI

EL-SHADAI

Teu kenging hariwang
Allah nangtayungan
Teu kenging honcewang
Yesus nu nyarengan
Teu kenging cangcaya
Roh Kudus ngaraksa
Teu kenging saredih
Allah mikaasih

Reff.
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Digjaya perkasa
El-Shadai mulia
El-Shadai, El-Shadai
Allah Mahakuasa
Berkat-Na nyekapan...
El-Shadai..

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - DAWUHAN GUSTI

DAWUHAN GUSTI (SABILULUNGAN)

Dawuhan Gusti mugi sina ngancik
Urang sadaya sarta sina jembar
Silih pagahan jeung silih ingetan
Sagala rupa kawijaksanaan

Ku jabur, pupujan
Ka Gusti, Rampak sekar
Sarta rupa tembangna karohanian
Jeung tembang, muji sukur
Allah rahman, jeung rahim
Dina jero hate urang sadayana

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - BERSIHKEUN HATE ABDI

BERSIHKEUN HATE ABDI

Bersihkeun hate abdi
Nun Pangeran
Pasihanna diri jiwa patuh
Bersihkeun hate abdi
Nun Pangeran
Pasihanna diri jiwa patuh

Ulah ditebihkeun
Sareng salira Gusti
Roh suci sing ngancik dina diri
Hampura sim abdi
Tina sagala ning dosa
Sangkan sim abdi saruka bungah

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - DI PASUNDAN AYA KATENGTREMAN

DI PASUNDAN AYA KATENGTREMAN

Duh kacida endahna
Kanyaah-Na Gusti Yesus Kristus
Kawasa-Na nu nyalametkeun
Abdi sadaya nu di Pasundan

Reff
Mulya Gusti Allah nu di manggung
Mugia di tatar Pasundan
Kamanah ku pangersa Pangeran
Di Pasundan Aya katengtreman

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - BERSIHKEUN HATE ABDI

BERSIHKEUN HATE ABDI

Bersihkeun hate abdi
Nun Pangeran
Pasihanna diri jiwa patuh
Bersihkeun hate abdi
Nun Pangeran
Pasihanna diri jiwa patuh

Ulah ditebihkeun
Sareng salira Gusti
Roh suci sing ngancik dina diri
Hampura sim abdi
Tina sagala ning dosa
Sangkan sim abdi saruka bungah

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ABDI MOAL MUNDUR

ABDI MOAL MUNDUR (NGIRING KA GUSTI)

Abdi moal mundur
Abdi moal ngejat najan salengkah
Tetep ngiring Gusti
Tetep muji Gusti salalamina

Urang ulah mundur
Urang ulah ngejat najan salengkah
Hayu ngiring Gusti
Hayu muji Gusti salalamina

Reff:
Mung ka Rama anu di sawarga
Abdi seja bakti ka Mantenna
Mung ka Rama anu di sawarga
Abdi muji sukur ka Allah

Mung ka Rama anu di sawarga
Abdi seja bakti ka Mantenna
Mung ka Rama anu di sawarga
Abdi satia.

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ALLAH PANYALINDUNGAN

ALLAH PANYALINDUNGAN

Jalma nu nyalindung
Ka nu Maha Agung
Aya dina pangraksa-Na
Anu Maha Kawasa
Ti peuting teu kudu mingsir
Ku balai nu mateni
Ti beurang teu kudu rempan
Ku bahaya nu narajang

Reff
Sabab Gusti nu mindingan
Dijaga ditangtayungan
Pangeran panyalindungan
Urang sadaya

Sabab Gusti nu mindingan
Dijaga ditangtayungan
Pangeran panyalindungan
Urang ditangtayungan

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ABDI YAKIN

ABDI YAKIN

Abdi yakin Gusti maparin jalan
Abdi yakin Gusti maparin jalan
Upami hirup abdi
Sapuk jeung pangersaNa
Abdi yakin Gusti maparin jalan

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ANJEUN LAYAK

ANJEUN LAYAK

Ngarenungkeun kaasih Kristus
Kaajaiban anugrah-Na
Duh kacida mikaasih-Na
Rela ngorbankeun salira-Na

Tinggal raheut panangana-Na
Buktos asihNa ka manusa
Taya sobat nu sapertos Manten-Na
Rela disalib keur manusa

Anjeun layak layak dipuji
Anjeun layak layak disembah
Anjeun Mulia Anjeun ajaib
Anjeun Allah nu estu

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - BEWARAKEUN

BEWARAKEUN

Kaasih Gusti aya di tatar pasundan
Ka jalma-jalma nu hirup tanpa harepan
Nu aya dina genggeman kawasa setan
Keur antri nuju ka alam kabinasaan

Kaasih Gusti aya di tatar pasundan
Ka jalma-jalma nu hirup tanpa harepan
Nu aya dina genggeman kawasa setan
Keur antri nuju ka alam kabinasaan

Reff
Yu urang bewarakeun ka aranjeuna
Juru salamet Gusti Yesus nu mulya
Mantenna Allah nu parantos mijalma
Juru salamet sakumna manusa

Sing saha jalma anu kersa percaya
Bakal nampa nugraha asih Mantenna
Mantenna nu nyangking sadaya kawasa
Mantenna Allah nu kedah dipuja

Selasa, 24 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - NU MURBA WISESA

NU MURBA WISESA (JABUR 95:1-6)

Hayu ngadeuheusan nyanggakeun lagu pupujian
Ku panarima puji syukur ka Mantenna
Hayu tapak deku sing rengkuh payuneun Mantenna
Ku panarima urang muji ka Mantenna

Reff:
Karana Pangeran nu murba wisesa
Raja nu pinunjul
ngungkulan sakabeh ilah
Karana Pangeran nu murba wisesa
Nya Pangeran nu ngadamel diri urang

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ANJEUN PANGERAN

ANJEUN PANGERAN

Ya Allah, Gusti nun Pangeran mung ka Anjeun abdi sumujud
Mung Anjeun Pangeran nu heman nu payus dipuja dipuji
Welas asih Gusti ngalimpudan diri abdi ti harita waktos di Kalvari
Anjeun nu satia nyalametkeun balarea katampi dugi ka ayeuna
Ya Allah Gusti nun Pangeran mung ka Anjeun abdi sumujud
Margi Anjeun Pangeran nu heman nu payus dipuja dipuji
Anjeun Ruh Allah Pangeran nu ngarahmat.     )
Anjeun Ruh Kudus nu kebek ku mujijat.           ) 2x

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - DUA

DUA (Mateus 6:9-13)

Allah nu Agung, Allah nu Agung
Allah nu Agung, Allah nu Agung
Nya Allah nu mikaasih ka abdi sadayana,
lir asih nu janten bapa miasih ka putrana
Mugi jenengan Allah disucikeun
mugi karajaan Allah dirawuhkeun
Pikeun marentah na hate abdi sadayana, sadayana
Mugi pangersa Allah diwujudkeun
Dilaksanakeun di ieu dunya lir Surga, lir di Surga
Mugi dipasihan berkah nya rejeki
Mugi abdi dihampura tina lepat
Saperti abdi tos ngahampura kalepatan anu lian
Mugi abdi disinglar ti cocobi
Neda pangjaring disalametkeun tina niat anu jahat
Allah nu Agung, Allah nu Agung, Allah anu Agung

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - DUH PANGERAN

DUH PANGERAN

Duh Pangeran Gusti Maha Kawasa
Kaagungan Gusti taya tandingna
Kawasa-Na taya sudana
Anjeun Gusti mulya salalanggengna

Reff:
Sakumna mahluk di bumi jeung di sawarga
Sadaya bakal sumujud nyembah ka Salira
Sakumna maluk nu hirup pasti bakal ngaku
Yesus Kristus Gusti Maha Kawasa

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - NYEMBAH KA GUSTI

NYEMBAH KA GUSTI

Cunduk waktuna - Ayeuna...
Datang mangsana - Ayeuna...
Nyembah ka Gusti - Ayeuna...
Dina bebeneran

Reff:
Nyembah sumujud ka Gusti
Dina Roh jeung bebeneran
Kalayan ati nu suci
Nyembah ka Gusti nu langgeng

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - KIDUNG JABUR

KIDUNG JABUR (Jabur 47:2,3,7,8)

He sakumna bangsa
Geura emprak gederkeun sora
Geura ger surak ayeuh-ayeuhan
Surak gumbira bade ka Allah
He sakumna umat
Pangeran teh Raja Binatara
Sri Maha Agung Murba Wisesa
Ngasta sakuliah jagad

Reff:
Kidungkeun kidung jabur badega Allah
Kidungkeun kidung jabur ka Raja urang
Kidungkeun kidung-kidung pupujian
Kidungkeun ka Allah Raja sajagad buana

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - MULYAKEUN PANGERAN

MULYAKEUN PANGERAN

Hayu batur sarerea
Urang pada suka bungah
Sukan-sukan galumbira
Mulyakeun asma Pangeran

Reff:
Mulyakeun Pangeran
Gusti nu lungsur ka dunya
Miraga manusa
Ngancik sajeroning kalbu

Mulyakeun Pangeran
Yesus Gusti nu dimanggung
Nu jadi pangagung
Papayung agung sadunya

LIRIK LAGU ROHANI - URANG EMPRAK

URANG EMPRAK

Hiap galumbira
Hiap galumbira
Sareng Pangeran
Emprak surak jeung para malaikat
Emprak surak jeung para malaikat
Hiap galumbira
Anjeun-Na Allah
Raja nu murba wisesa
Tangguh salawasna
Yu urang ranggah
Ngunggulkeun kaagungan-Na
Hiap galumbira

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - GEURA GENGSOR

GEURA GENGSOR

Geura gengsor ka payuneun Mantenna
Tapal deku rengkuh ampuh timpuh
Geura gengsor ngabakti ka Mantenna
Nu ngadamel diri urang

Reff:
Mantenna nganggem kamulyaan
Mantenna nganggem kaagungan
Mantenna pinuh kakawasaan
Mantenna lir lautan kaendahan

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ULAH SALEMPANG

ULAH SALEMPANG

Kudu percaya.       Urangna
Kudu satia.             Urangna
Kudu sumerah.      Urangna
Kana sabdaNa Pangeran

Ulah cangcaya.     Ka Gusti
Ulah sulaya.           Ka Gusti
Masing percaya.    Ka Gusti
Salalamina

Reff:
Lamun urangna sulaya percaya asa-asa
Dina pikir boga rasa cangcaya ka nu Kawasa
Nu matak ulah sulaya sangkan dihampura dosa
Percaya ka Gusti Yesus malar diraksa diriksa

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - KUDU SILIH PIKANYAAH

KUDU SILIH PIKANYAAH

He sakabeh anjeun kudu silih pikanyaah
Sabab kanyaahan anu asalna ti Allah
Anu nyaahan eta putra Allah
Anu nyaahan ciri geus wawuh ka Allah
Anu tuna kanyaahan ciri can wawuh ka Allah
Nya ka Allah anu sipat asih
Kumaha asihNa Allah ka urang
Nya tina kurniaNa geus ngutus Isa Almasih nu tunggal ka ieu dunya
Ku jalan Isa Almasih urang ngamilik hirup
Sual kanyaahan lain urang nu nyaah ka Allah
Sual kanyaahan Allah miasih ka urang
Nepi ka nyelehkeun nya Isa Almasih
Nya ku jalan kitu urang dihampura dosa
Kusabab anu sakitu Allah miasih ka urang
He sakabeh urang kidu silih pikanyaah

Senin, 23 Maret 2015

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ANJEUN LAYAK

Ngarenungkeun kaasih Kristus
Kaajaiban anugrah-Na
Duh kacida mikaasih-Na
Rela ngorbankeun salira-Na

Tinggal raheut panangana-Na
Buktos asihNa ka manusa
Taya sobat nu sapertos Manten-Na
Rela disalib keur manusa

Anjeun layak layak dipuji
Anjeun layak layak disembah
Anjeun Mulia Anjeun ajaib
Anjeun Allah nu estu

LIRIK LAGU ROHANI SUNDA - ABDI PASRAH


Abdi seja sumalindung
Singlar kawiwirang
Dangukeun enggal tulung
Sing janten bebenteng abdi
Demi asmaning salira
Mugi nuyun nungtun sim abdi
Mugi leupaskeun tina pangrukup
Nya Anjeun panyalindungan

Reff:
Raga sukma abdi pasrah
Kana panangan Salira
Ka Gusti anu satia
Kersa nyalametkeun
Abdi percanten ka Gusti
Gusti teh Pangeran abdi
Abdi ngangkeun ka Salira
Nun Allah sembaheun abdi
Nun Allah sembaheun abdi
Nun Allah sembaheun abdi